Rabu, 22 Februari 2017
NGARAN PATUKANGAN
Ngaran patukangan
Anjun = Tukang nyieun parabot tina taneuh
Bujangga/pujangga = Tukang nyieun/nulis carita
Candoli = Tukang Ngajaga Pabeasan Dinu hajat
Gending = Tukang Nyieun parabot tina kuningan
Kabayan = Tukang dititah kadieu kadieu
Kemasan = Tukang Nyieun perhiasan tina emas
Kuncen = Tukang ngurus kuburan atawa tempat karamat
Legig = Tukang ngasruk dina pamoroan
Malim = Tukang meruhkeun sato galak
Marangi = Tukang nyiuen sarangka keris
Nyarawedi = Tukang Ngagosok Permata
Pakacar = Tukang ngaladenan/ Bubujang/Pembantu
Palendang = Tukang ngieun parabot tina tembaga
Palika = Tukang teuleum/Tukang ngala lauk
Pamatang = Tukang moro ngagunakeun tombak
Pamayang = Tukang ngala lauk di laut
Panday = Tukang nyieun parabot tina besi saperti " bedog,pahat,pacul jeung rea deui"
Paneresan = Tukang Nyadap
Paninggaran = Tukang moro ngagunakeun bedil
Sarati = Tukang ngusir/meruhkeun gajah
Tah eta diantarana patukangan patukangan dina bahasa sunda
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar