Rabu, 22 Februari 2017

KECAP SESEBUTAN WAKTU

Kecap sesebutan waktu janari leutik = tabuh 01.00 - 03.00 janari gede = tabuh 03.00 - 04.30 balebat = tabuh 04.30 carancang tihang = tabuh 04.30 - 05.00 rebun - rebun = tabuh 05.00 - 06.00 haneut moyan = tabuh 07.00 - dana dan 08.00 pecad sawed = tabuh 09.00 - 10.00 ramangsang = tabuh 11.00 manceran = tabuh 12.00 lingsir ngulon = tabuh 13.00 panon poe satangtung = tabuh 15.00 tunggang gunung = tabuh 16.00 - 17.00 sariak layung = tabuh 17.00 - 17.30 harieum beungeut = tabuh 18.00 - 19.00 sareureuh budak = tabuh 19.00 sareureuh kolot = tabuh 21.00 teungah peting = tabuh 24.00 sakdet netra = (sakedep netra), kedet = kiceup, nya eta nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan sakiilat = waktu anu sakeudeung pisan sapangnyepuhan = nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana kira-kira sarua lilana jeung anu keur nyepah sapangejoan = waktu anu rada lila salila anu keur ngejo (nyangu) samur jagong = kira - kira tilu bulan setengah sataun landung = satuan leuwih sawindu = delapan tahun seabad = seratus tahun poe ieu = ayeuna poe an geus kaliwat = kamari poe sanggeus kamari = mangkukna poe anu bakal datang = isukan sapoe sanggeus isukan = pageto waktu nu cikeneh karandapan = bieu waktu nu rada lila kaliwat= tadi waktu nu lila kaliwat = bareto waktu beh ditueun bareto = bahela waktu nu sakeudeung dei bakal karandapan = engke waktu nu bakal datang = isuk, jaga, isuk jaganing pageto NGARAN-NGARAN USUM a) Nu Patali Jeung kaayaan Alam Usum katiga = usum halodo Usum mamareng = usum mimiti rek ngijih Usum dangdarat = usum panyelang antara halodo jeing ngijih Usum ngijih = usum hujan Usum barat = usum gede angin (nu jolna ti kulon) Usum selatan = usum loba angin nu jona ti kidul b) Nu Patali jeung Kaayaan Masyarakat Usum pagebug = usum loba nu gering/penyakit Usum sasalad = usum loba penyakit bari tapa Usum patepok = usum loba nu kawin Usum tigeret = usum kurang dahareun Usum paceklik = usum kekurangan pare/dahareun c) Nu Patali Jeung kaayaan Tatanen 1. Tatanen di sawah Usum nyambut = usum miteumbeyan ngagarap sawah Usum morekat = usum nyawah leutik Usum tandur = usum melakeun binih pare di sawah Usum ngarambet = mangsa patani miceunan jukut nu jaradi di antara tangkal pare Usum celutu = mangsa pare geus mimiti cul cel aya buahan Usum beukah = mangsa pare geus loba buahna nu barijil Usum rampak = mangsa pare geus rata/papak beukah Usum panen = mangsa dibuat, ngala pare Usum jami = sabada panen 2. Tatanen di Huma Usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun Usum ngahuru = meleum kai jeung kakayon nu geus garing benang nyacar Usum ngaduruk = meresihan serta ngaduruk kai nu can ka beuleum waktu ngahuru Usum ngaseuk = melak pare ku cara nyoceng-nyocengkeun kai meunang nyeukeutan tuntungna Usum ngored/ngoyos = meresihan jukut nu jaradi diantara luwukan pare make parabot etem ngetem Usum ngunjal = mawaan pare ti huma ka imah Pranata Mangsa Nu dimaksud pranata mangsa nya eta perelean ngaran usum dina jero satuan Kasa (kahiji), ti tanggal 22/23 Juni - 2/3 Agustus = usum mimiti melak palawija Karo (Kadua), ti tanggal 2/3 Agistus - 25/26 Agustus = usum randu pucukan; melak palawija kadua Katiga (Katilu), ti tanggal 25/26 Agustus - 18/19 September = usum beubeutian sirungan; panen palawija Kapat (Kaopat), ti tanggal 18/19 september - 13/14 oktober = usum sumur sara'at; randu pentilan, usum melak cau Kalima (kalima), ti tanggal 18/19 Oktober - 9/10 Nopember = Usum turun hujan; asem pucukan; koneng ngadaun ngora Kanem (Kagenep), ti tanggal 9/10 Nopember - 22/23 Desember = usum bubuahan mimiti karolot,usum ngagarap sawah Kapitu (Katujuh), ti tanggal 22/23 Desember - 3/4 Pebruari = usum caah jeng gede angin; usum tandur kawolu (Kadalapan), ti tanggal 3/4 Pebruari - 1/2 Maret = usum pare reureuh; loba hileud, jsb Kasanga (Kasalapan), ti tanggal 1/2 Maret - 26/27 Maret = usum pare rampak, turaes ngear Kasadasa (Kasapuluh), ti tanggal 26/27 Maret - 19/20 April = usum pare beuneur hejo; manuk-manuk nyarayang; usum palawija di tanah darat Desta (Kasabelas), ti tanggal 19/20 April - 12/13 Mei = aya keneh waktu keur malawija; manuk - manuk maraban anakna Sada (Kaduabelas), ti tanggal Suka

Tidak ada komentar:

Posting Komentar