Rabu, 22 Februari 2017

NGARAN PATUKANGAN

Ngaran patukangan Anjun = Tukang nyieun parabot tina taneuh Bujangga/pujangga = Tukang nyieun/nulis carita Candoli = Tukang Ngajaga Pabeasan Dinu hajat Gending = Tukang Nyieun parabot tina kuningan Kabayan = Tukang dititah kadieu kadieu Kemasan = Tukang Nyieun perhiasan tina emas Kuncen = Tukang ngurus kuburan atawa tempat karamat Legig = Tukang ngasruk dina pamoroan Malim = Tukang meruhkeun sato galak Marangi = Tukang nyiuen sarangka keris Nyarawedi = Tukang Ngagosok Permata Pakacar = Tukang ngaladenan/ Bubujang/Pembantu Palendang = Tukang ngieun parabot tina tembaga Palika = Tukang teuleum/Tukang ngala lauk Pamatang = Tukang moro ngagunakeun tombak Pamayang = Tukang ngala lauk di laut Panday = Tukang nyieun parabot tina besi saperti " bedog,pahat,pacul jeung rea deui" Paneresan = Tukang Nyadap Paninggaran = Tukang moro ngagunakeun bedil Sarati = Tukang ngusir/meruhkeun gajah Tah eta diantarana patukangan patukangan dina bahasa sunda

KECAP SESEBUTAN WAKTU

Kecap sesebutan waktu janari leutik = tabuh 01.00 - 03.00 janari gede = tabuh 03.00 - 04.30 balebat = tabuh 04.30 carancang tihang = tabuh 04.30 - 05.00 rebun - rebun = tabuh 05.00 - 06.00 haneut moyan = tabuh 07.00 - dana dan 08.00 pecad sawed = tabuh 09.00 - 10.00 ramangsang = tabuh 11.00 manceran = tabuh 12.00 lingsir ngulon = tabuh 13.00 panon poe satangtung = tabuh 15.00 tunggang gunung = tabuh 16.00 - 17.00 sariak layung = tabuh 17.00 - 17.30 harieum beungeut = tabuh 18.00 - 19.00 sareureuh budak = tabuh 19.00 sareureuh kolot = tabuh 21.00 teungah peting = tabuh 24.00 sakdet netra = (sakedep netra), kedet = kiceup, nya eta nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan sakiilat = waktu anu sakeudeung pisan sapangnyepuhan = nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana kira-kira sarua lilana jeung anu keur nyepah sapangejoan = waktu anu rada lila salila anu keur ngejo (nyangu) samur jagong = kira - kira tilu bulan setengah sataun landung = satuan leuwih sawindu = delapan tahun seabad = seratus tahun poe ieu = ayeuna poe an geus kaliwat = kamari poe sanggeus kamari = mangkukna poe anu bakal datang = isukan sapoe sanggeus isukan = pageto waktu nu cikeneh karandapan = bieu waktu nu rada lila kaliwat= tadi waktu nu lila kaliwat = bareto waktu beh ditueun bareto = bahela waktu nu sakeudeung dei bakal karandapan = engke waktu nu bakal datang = isuk, jaga, isuk jaganing pageto NGARAN-NGARAN USUM a) Nu Patali Jeung kaayaan Alam Usum katiga = usum halodo Usum mamareng = usum mimiti rek ngijih Usum dangdarat = usum panyelang antara halodo jeing ngijih Usum ngijih = usum hujan Usum barat = usum gede angin (nu jolna ti kulon) Usum selatan = usum loba angin nu jona ti kidul b) Nu Patali jeung Kaayaan Masyarakat Usum pagebug = usum loba nu gering/penyakit Usum sasalad = usum loba penyakit bari tapa Usum patepok = usum loba nu kawin Usum tigeret = usum kurang dahareun Usum paceklik = usum kekurangan pare/dahareun c) Nu Patali Jeung kaayaan Tatanen 1. Tatanen di sawah Usum nyambut = usum miteumbeyan ngagarap sawah Usum morekat = usum nyawah leutik Usum tandur = usum melakeun binih pare di sawah Usum ngarambet = mangsa patani miceunan jukut nu jaradi di antara tangkal pare Usum celutu = mangsa pare geus mimiti cul cel aya buahan Usum beukah = mangsa pare geus loba buahna nu barijil Usum rampak = mangsa pare geus rata/papak beukah Usum panen = mangsa dibuat, ngala pare Usum jami = sabada panen 2. Tatanen di Huma Usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun Usum ngahuru = meleum kai jeung kakayon nu geus garing benang nyacar Usum ngaduruk = meresihan serta ngaduruk kai nu can ka beuleum waktu ngahuru Usum ngaseuk = melak pare ku cara nyoceng-nyocengkeun kai meunang nyeukeutan tuntungna Usum ngored/ngoyos = meresihan jukut nu jaradi diantara luwukan pare make parabot etem ngetem Usum ngunjal = mawaan pare ti huma ka imah Pranata Mangsa Nu dimaksud pranata mangsa nya eta perelean ngaran usum dina jero satuan Kasa (kahiji), ti tanggal 22/23 Juni - 2/3 Agustus = usum mimiti melak palawija Karo (Kadua), ti tanggal 2/3 Agistus - 25/26 Agustus = usum randu pucukan; melak palawija kadua Katiga (Katilu), ti tanggal 25/26 Agustus - 18/19 September = usum beubeutian sirungan; panen palawija Kapat (Kaopat), ti tanggal 18/19 september - 13/14 oktober = usum sumur sara'at; randu pentilan, usum melak cau Kalima (kalima), ti tanggal 18/19 Oktober - 9/10 Nopember = Usum turun hujan; asem pucukan; koneng ngadaun ngora Kanem (Kagenep), ti tanggal 9/10 Nopember - 22/23 Desember = usum bubuahan mimiti karolot,usum ngagarap sawah Kapitu (Katujuh), ti tanggal 22/23 Desember - 3/4 Pebruari = usum caah jeng gede angin; usum tandur kawolu (Kadalapan), ti tanggal 3/4 Pebruari - 1/2 Maret = usum pare reureuh; loba hileud, jsb Kasanga (Kasalapan), ti tanggal 1/2 Maret - 26/27 Maret = usum pare rampak, turaes ngear Kasadasa (Kasapuluh), ti tanggal 26/27 Maret - 19/20 April = usum pare beuneur hejo; manuk-manuk nyarayang; usum palawija di tanah darat Desta (Kasabelas), ti tanggal 19/20 April - 12/13 Mei = aya keneh waktu keur malawija; manuk - manuk maraban anakna Sada (Kaduabelas), ti tanggal Suka

Senin, 20 Februari 2017

CARA MENGETAHUI REGISTRASI DAPODIK

CARA MENGETAHUI REGISTRASI DAPODIK Ni Buat Rekan2 OPS yang belum tau. cara kalu lupa kode Registrasi Dapodik 1. Buka Local Disk C di laptop/komputer kamu 2. Buka Program File/Dapodik/webserver/logs/access.log 3. Kemudian kamu buka file access.log hingga tampil data file access.log 4. Gunakan perintah Ctrl+F untuk memunculkan popup windows search/menu search 5. Berikutnya ketikkan kode_registrasi pada menu search selanjunta klik Find Next/Enter 6. Sistem akan otomatis berjalan dan menunjukkan kode registrasi yang kamu cari.